mikawanoh paragraf materi bahasa sunda kelas 6 semester 2
Mikawanoh Paragrap
Mengenal Paragraf
Paragrap mangrupa runtuyan kalimah-kalimah anu disusun kalawan logis tur sistematis sarta ngandung hiji gagasan. Logis nuduhkeun susunan nu asup akal, ari sistematis nuduhkeun susunan nu ngéntép seureuh. Paragrap mangrupa bagian bab dina karangan, anu ngandung hiji gagasan. Mimiti ditulisna ku garis anyar. Carita pondok "Miara Lingkungan" diwangun ku opat welas paragrap.
Dina paragrap aya kalimah utama jeung kalimah panandes. Kalimah utama ngandung pikiran (gagasan) utama, ari kalimah panandes ngandung pikiran (gagasan) panandes.
Nilik kana cicingna kalimah utama, aya opat rupa paragrap:
(1) Paragrap induktif, nyaéta paragrap anu kalimah utamana aya di awal paragrap.
(2) Paragrap déduktif, nyaéta paragrap anu kalimah utamana aya di ahir paragrap.
(3) Paragrap campuran, nyaéta paragrap anu kalimah utamana aya di awal jeung di ahir paragrap.
(4) Paragrap déskriptif, nyaéta paragrap anu gagasan utamana kudu dicindekkeun tina sakabéh runtuyan kalimahna.
Nilik kana posisina dina karangan, aya tilu rupa paragrap, nyaéta paragrap awal, paragrap galeuh, jeung paragrap pamungkas. Paragrap awal aya di awal karangan, paragrap galeuh aya di tengah karangan, jeung paragrap ahir aya di tungtung karangan.
Ngaruntuykeun Paragrap Jadi Karangan Mengurutkan Paragraf Menjadi Karangan
leu di handap aya lima paragrap, anu runtuyanana diacak. Di bawah ini ada lima paragraf, yang urutannya diacak.
Pék ku hidep susun paragrapna nepi ka jadi hiji karangan anu merenah! Lamun geus merenah, salin karanganana dina buku catetan.
Paragrap 1:
Dugi ka tempat téh pas lokét tos dibuka. Yumna sareng Rézel barungaheun pisan. Tos bérés mésér karcis mah, teras wé sadayana lalebet ka water park. Di lebet water park, aya kolam renang. Bunda nyéwa ban dua, hiji kanggo Rézel nu hiji deui kanggo Yumna.
Paragrap 2:
Teu lami Yumna gé ngagejebur deui ka kolam renang disarengan ku ramana. Ayeuna mah teu katingal kagét ku tirisna cai, da tos eueut téh manis téa. Yumna nyampeurkeun Rézél nu ngojayna dina sosorodotan, taya kapaur. Saatosna carapé ngojay mah, Yumna sareng Rézel téh haranjat, bari meresihan awakna masing-masing. Tos gentos acuk, Yumna sareng Rézel teras aremam, nu tos disadiakeun ku Bunda. Teu lami ti dinya mah, nya aruih. Dina mobil, Yumna sareng Rézel nundutan, sigana ngaraos capé tadi ngarojay.
Paragrap 3:
Kamari waktos dinten Saptu Yumna sareng Rézel sakulawargi piknik ka Pesona Nirwana anu aya di Bandung Kidul. Ari Pesona Nirwana téh nami water park. Tempatna teu kinten raména sareng bararesih deuih. Lian ti éta, tikétna ogé kalebet mirah.
Paragrap 4:
Mios ti rorompok téh tabuh 08.00. Di jalanna teu rurusuhan, da water parkna ogé bukana tabuh 09.00-an. Sajajalan Yumna sareng Rézel ngalobrol mani uplek naker, bari saruka bungah. Duka naon nu diobrolkeunana mah. Mung nu jelas mah Yumna sareng Rézel téh, waktos dibagi rapot, niléyna saraé pisan.
Paragrap 5:
Rézel sareng Yumna langsung ngagejebur ka kolam renang. Barang gebrus, Yumna meni ngajerit. Singhoréng caina tiis, dugi gadona noroktok, katirisan. Ku Bunda, Yumna dipasihan cai entéh manis haneut, supados teu katirisan teuing. Bénten sareng Rézel, manéhna mah kalem wé teu siga nu katirisan. Malahan teras wé ngojay kukucubukan, bangun taya katiris.
0 Response to "mikawanoh paragraf materi bahasa sunda kelas 6 semester 2 "
Post a Comment